Selasa, 17 Februari 2015

Sajak basa sundaa hiji dunya

             SAJAK BASA SUNDA

HIJI DUNYA

Kuring hayang cicing di hiji dunya
dina kasatiaan laut jeung katiginan langit;
nu surti nampa cinyusu jeung kolomberan,
nu ayem kasaput mega jeung reueuk
antara ombak rohaka jeung hiliwir angin
saestuna aya geter angen-angen
ari mega hideung jeung gumilang bentang
tepung dina ringkang jeung kahayang

Kuring hayang cicing di hiji dunya
dina kaihlasan tur kaasih bumi;
nu nebarkeun sugrining binih tutuwuhan,
nu sadrah nadah sarwaning tapak
antara kuring jeung tutuwuhan
saestuna ukur nganti kaasih Pangeran
antara kuring jeung pirang-pirang tapak
tepung 'na pirang-pirang talajak

Kuring hayang cicing di hiji dunya
nu ngagumulungkeun bentang, ombak,
jeung tapak
kuring hayang cicing di hiji dunya
samemeh nohonan panggupay Anjeunna

Sajak basa sundaa ayeuna

             SAJAK BASA SUNDA

Ayeuna

Jeujeur harupat tuluy ngipisan
indung suku tuturut peot
awak jadi budak
waragad teu walakaya
geuning teu di kawit teu di pungkas

kokojayan dina lantaran
sebrot hareudang hiliwir angin
ngalengkah numut sarangenge
los kaditu los kadieu

ngarenghap tuluy hah heh hoh
mmm, ngajerit diudag seuri
Nya ayeuna mah ayeuna..

SAJAK BASA SUNDA hirup

           SAJAK BASA SUNDA

Hirup

Hirup teh cita-cita
ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya

Hirup teh seuneu
nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula
Hirup teh aci-acining Bagja!

Jumat, 13 Februari 2015

Sajak basa sunda anaking

            SAJAK BASA SUNDA

ANAKING

Anaking... regepkeun piwuruk ema
hidep
sangkan hirup rahayu jeng berkah tur
bagja

Anaking.. tiru jeng gugur pasipatan ema
sabab ciri sagala wanoja natra aya dina
diri ema Bapa
bagja rumah tangga jeung ema najan
kadang sok manggih tunggara ema tetep
ngawula ka bapa pinuh ku rasa katresna

Anaking.. hirupmah sadar jeung eling
mun hideup mamawa wejangan ema
bakal pasti salawasna eling

Anaking.. hideup geus nincak mangsa
dewasa omat ulah kagoda ku hawa
dunya nu kadang mawa cilaka
Bapa jeung ema teu boga warisan banda
pohara teu boga tanah nu lega komo
deui emas permata
Bapak jeung ema ngan boga do'a
sangkan hideup hirup waluya
dibeungkeut ku iman jeung takwa bekel
urang ngumpul engke di surga

SAJAK BASA SUNDA dosa

              SAJAK BASA SUNDA

DOSA

Datangna teu karasa
Kawas impian janari
Jiga nimat jiga sawarga
Tapi lamun pajar geur peuyar
Karasa diri leuwih rucah manan meri
Inget ka basisir tempat balabuh
Di mana layar geus rapuh

Dosa
Leuwih amis manan anggur
Mun seug nembag dada nu diabur
Tapi di mana tumiba lara
Kaduhung poe make ditundung
Duh gusti
Najan ka mana nya indit
Dosa teu weleh ngukuntit

Senin, 09 Februari 2015

Sajak basa sunda qodha jeng qadhar


            SAJAK BASA SUNDA

QADHA JENG QADHAR

Takdir teu bisa dipungkir
Qadha jeng qadhar teu bisa di takar
Jelema lir ibarat wayang
Gerakna kumaha dalang

Umur panjang teu bisa hayang
Lamun geus kuduna mulang
Ka gusti nu Maha Suci
Cimata kur bisa ngeclak
Wakca Apa tilar dunya

Sajak basa sunda lembur kuring

             SAJAK BASA SUNDA

LEMBUR KURING

Ditilik dirasa
Lembur kuring anu ėndah
Upluk- aplak pasawahan
Tinggarupay tatangkalan

Sėahna cai walungan
Hiliwirna angin
Matak tiis kana ati

Lembur kuring…
Tipeuting jempling
Kur sora gang anu rėang
Matak betah tumaninah

Minggu, 08 Februari 2015

Sajak basa sunda guru


            SAJAK BASA SUNDA

Guru

Manéhna saurang guru
Manéhna henteu saukur méré élmu
tapi ogé harti pangalaman hirup
Hirup anu nyérélék pikeun cai
alatan Manéhna baris ngomong

‘Bangunlah lamun kau terjatuh’
Manéhna nyaéta saurang Ayah ogé Ibu
Menyirami diri anjeun
jeung kaasih nyaah
ambéh kau tumuwuh subur
alatan Manéhna ngomong

‘Cintailah sasama anjeun manusa kawas
diri anjeun sorangan’
Manéhna nyaéta inohong badag
ti beribu-ribu inohong badag dunya
Mengharumkan ngaran bangsa
tanpa lencana
sarta Manéhna ngomong

‘Bikeun ngaran anjeun pikeun
maranéhanana
anu aya di jero kemelaratan’

Sajak basa sunda ibu


             SAJAK BASA SUNDA

IBU

Di peuting anu tiis
Kalayan berselimut kasorangan
Kuterbangun melong wiati wiati
kamar kuring
Terlintas di benak sosok engkau

Anu sok marengan kuring mapag
isuk-isuk
Anu sok marengan kuring
ngarasakeun panasnya sinar
panonpoé
Anu sok marengan kuring
nyaksian bulan sarta béntang
Sarta balik nganteur kuring ka
dina saré anu panjang

Kabéh éta kiwari teu bisa deui
kurasakan
Alatan ayeuna ku laér ti anjeun
Mekipun sabenerna ku teu bisa
Tapi ku yakin kabéh éta baris
lekasan

Ibu………
Kuring sono kalayan senyummu
Kuring sono jeung kaasih nyaah
anjeun
Kuring sono kalayan belai
lembutmu
Kuring sono baris pelukmu
Ku hayang kau weruh éta

Ibu………
Kau sok aya
Dina unggal hembusan nafasku
Dina unggal léngkah suku kuring
Dina unggal naon anu ku gapai
Alatan kau kitu hartosna dina
hirup kuring

Sajak basa sunda persahabatan


             SAJAK BASA SUNDA

Persahabatan

Sahabat ku,
Lamun aya baraya kuring anu
séjén diantara lanceuk sarta adi
kuring éta pastilah kau
Baraya ku
Urang sarua menyusuri ombak
leutik jikala pasang
Berpanas marahmay dibasa terik

             Sahabat ku
             Urang meureun waé kungsi
             menghempas ceurik duaan
             Bertindih hésé babarengan
             Bermandi késang tanpa jeda
             Tapi kuring teu pan bisa atoh
             tampamu di taneuh anyar         
             engke

Sahabat ku
Baris euweuh deui urang berdebat
soal bulan
Moal kungsi deui berlomba
memacu parahu
di taneuh anyar meureun baris
gersang tampamu

             Sahabat ku
             Sing percaya perpisahan ieu
             henteu mawa gumbira dina 
             kuring
             Tapi ieu kudu kujalani
             Tapi jaga urang pan bersua
             deui,
             kalayan mengulang carita-
             carita
             urang kiwari.

Sajak basa sunda kahirupan


              SAJAK BASA SUNDA

Kahirupan

Hirup di dunya ngan saukur
ngumbara
Ulah ngansaukur poya-poya
Da di dunya moal lila
Pasti bajak enggal sirna

                       Dian Poe anu teu di
                       sangka-sangka
                       Urang boa di Cabut
                       nyawa
                       Sing tawakal urang
                       salawasna
                       Meh hirup isuk bagja
                       waluya

Jumat, 06 Februari 2015

Sajak basa sunda bapa


SAJAK BASA SUNDA


BAPA

Saban poe bolokot jeung kesang
Mikir nepika buuk tereh ngipisan
Teu paduli cape jeung era
Teu eleh ku rasa hoream

                    Sosok nu di anggap tara paduli
                    Anu di sangka galak
                    Anu di pikasien pisan
                    Ariteun sosok anu pang nyaahna

Mihelakeun sagala kahayang
Majuangkeun kabahagiaan kulawargana
Eta sosok bapa
Anu di pika cinta jeung anu di pika nyaah

 


Sajak basa sunda jalan



SAJAK BASA SUNDA



JALAN


Di langit aya bentang 
Nu nyaangan pawenangan
Dina hate aya iman
Palita kahirupan

                 Tapi remen mendem jalan sorangan
                 Tisoledat ti kosewad
                 Salah jalan
                 Ti gebrus kana kana jarian

Jalan ngembat tur rumpil
Leuer kudu di iteukan
Poek kudu di lampuan
Hujan kudu di payungan
Sasab kudu nanya jalan
Mun hayang nepi ka tujuan

Senin, 02 Februari 2015

SAJAK BASA SUNDA Dinten Minggu


SAJAK BASA SUNDA

DINTEN MINGGU

Dinten Minggu…
Nyaharita urang ngawitan patepang
Dinten Minggu…
Geuning katresna mekar ati
Teu walakaya kasiksa diri
Antukna silih kedalken eusi ati
Kota Serang jadi saksi
Urang duaan silih kedalken katresna
Kota Serang kota kaasih
Jadi saksi urang duaan silih tamplokeun kasono
Dinten Minggu…
Urang duaan silih pikanyaan

SAJAK BASA SUNDA Idul Fitri


SAJAK BASA SUNDA


Idul Fitri

Peuting ieu
Dulag ratug na jajantung
Aya nu nyakclak  na amparan sajadah
Diri nyuuh na pangkonan anjeun
Rumasa soda meubeut meulit nalimbeng raga
                                        Peuting ieu
                                        Urang gumuruhkeun kaagungan Alloh
                                        Jeritkeun takbir, Koceakkeun dunga
                                        Urang tamada nyuhunkeun ampunan
Kana saniskara dosa nu dipilampah
Poe ieu,Urang buka lambaran anyar
Tulisan ku mangsi emas
Sanajan dosa nembongan
Sanajan siksa ngancunan
                                          Muga kapupus ku poe fitri
                                         Caang bulan opat welas
                                          Sadrah hate silih hampura
                                          Lain ukur patarema tangan
Tapi kalayan ati nu wening
Urang pulangkeun ka fitri
Kana iman jeung takwa
Kana samukawis lampah
Nu dipirido ku mantena

Sajak basa sunda kaendahan alam



SAJAK BASA SUNDA


Kaendahan Alam                                                 ( Karya Dhapna Zaitun)


Cahaya panon poe
Nyaangan kana hati
Hiliwir angin
Mawa tiis kanu ati

                  Tatangkalan tinggarupay
                  Nambah endah na alam
                  Lemah cai negri
                  Nu can ku polusi

Alam endah nu merenah
Ulah nepi ka punah
Ku urang kududi pusti
Supaya tetep asri lestari


Sajak basa sunda padesaan



SAJAK BASA SUNDA



Padesaan                                                                    (Karya Dini mustika)



Lembur ...
Saban enjing muka jandela
Tatangkalan ting garupay
Sora manuk nu nembangan


                          Hiliwir angin anu tiis
                          Katentraman urang sararea
                          Udarana nu masih seger
                          Can ka cemar ku polusi udara

Sajak basa sunda peting


SAJAK BASA SUNDA



Peuting                                             ( Karya Ulfa Pitriani)

Peuting ...
Duh peuting nu kacida endah na
Bulan nu buleud nu aya di luhur
Meni caang cahayana 

                       Duh angin nu ngagelebug
                       Neubak kana dadaunan
                       Daun na cing aroyag
                       Siga nu ngagupayan ka abdi


 

Jumat, 30 Januari 2015

Sajak basa sunda pahlawan


SAJAK BASA SUNDA



Pahlawan                                                (Karya Lita Sahara) 


Pahlawan wani ngorbankeun 
Jiwa sareng ragana
Pahlawan ngabela nagara urang
Demi indonesia merdika

                       Urang ayena ngan ngarasakeun nikmatna
                       Teu kudu perang kawas pahlawan
                       Hatur nuhun ka pahlawan indonesia
                       Anu loba jasana

Poe - poe na di ulasan
Ku pembunuhan sareng pembantaian 
Anu ngalir getih di awakna
Teu aya anu bisa ngaruntukeun sumangetna

                      Bambu runcing anu sanjana
                      Sampean na anu teu di sendal
                      Bajuna ka ambeu sarebu sengit
                      Anu nganterkeun ka gerbang kemerdekaan

Kamis, 29 Januari 2015

Sajak basa sunda gunung

SAJAK BASA SUNDA 


Gunung                                                               (Karya Juwita Puspita Sari)

Gunung ngajulang katingal endah na
Tatangkalan nu ngeplak hejo
Di barengan ku ngahiliwir angin
Neupak dadaunan siga nu ngagupayan

                                   Di suku gunung sawah ngahampar luasna
                                   Matak waas
                                   Matak betah
                                   Tur tentrem kanu hate

Sajak basa sunda peuting ayena


SAJAK BASA SUNDA


Peuting Ayeuna                                          (Karya Anisa Shafiyah)


Girimis anu mawa tiis
Kuclak - keclak sora cai
Angin peuting nu ngahiliwir
Bolong bolong bilik awi

                        Sora sato ting sarada
                        Aya sora eweh raga
                        Bintang langit sakitu loba
                        Teu kaitung di mega lawang



Sajak basa sunda elmu



SAJAK BASA SUNDA

         
Elmu                                                          (Karya Anggi Fitriani)

Hiji harta nu kacida berhargana
Hate jeung otak jadi keun modalna
Baca nulis bukakeun jandela dunia
Pikeun nganteun ka pintu kasuksesana

                                      Elmu...
                                      Salah sahiji bekel dunia akherat
                                      Nujadikeun kuring lewih berguna
                                      Bagi nusa sareng bangsa