SAJAK BASA SUNDA
Idul Fitri
Peuting ieu
Dulag ratug na jajantung
Aya nu nyakclak na amparan sajadah
Diri nyuuh na pangkonan anjeun
Rumasa soda meubeut meulit nalimbeng raga
Peuting ieu
Urang gumuruhkeun kaagungan Alloh
Jeritkeun takbir, Koceakkeun dunga
Urang tamada nyuhunkeun ampunan
Kana saniskara dosa nu dipilampah
Poe ieu,Urang buka lambaran anyar
Tulisan ku mangsi emas
Sanajan dosa nembongan
Sanajan siksa ngancunan
Muga kapupus ku poe fitri
Caang bulan opat welas
Sadrah hate silih hampura
Lain ukur patarema tangan
Tapi kalayan ati nu wening
Urang pulangkeun ka fitri
Kana iman jeung takwa
Kana samukawis lampah
Nu dipirido ku mantena
Tidak ada komentar:
Posting Komentar