Jumat, 13 Februari 2015

Sajak basa sunda anaking

            SAJAK BASA SUNDA

ANAKING

Anaking... regepkeun piwuruk ema
hidep
sangkan hirup rahayu jeng berkah tur
bagja

Anaking.. tiru jeng gugur pasipatan ema
sabab ciri sagala wanoja natra aya dina
diri ema Bapa
bagja rumah tangga jeung ema najan
kadang sok manggih tunggara ema tetep
ngawula ka bapa pinuh ku rasa katresna

Anaking.. hirupmah sadar jeung eling
mun hideup mamawa wejangan ema
bakal pasti salawasna eling

Anaking.. hideup geus nincak mangsa
dewasa omat ulah kagoda ku hawa
dunya nu kadang mawa cilaka
Bapa jeung ema teu boga warisan banda
pohara teu boga tanah nu lega komo
deui emas permata
Bapak jeung ema ngan boga do'a
sangkan hideup hirup waluya
dibeungkeut ku iman jeung takwa bekel
urang ngumpul engke di surga

Tidak ada komentar:

Posting Komentar